Pantun Lucu Sunda - HITUT

Suku Sunda merupakan suku yang mendiami wilayah Priangan. Suku Sunda juga mengenal pantun yang biasa disebut paparikan. Hanya saja fungsi pantun di tatar Sunda tidak sekental seperti di Tanah Melayu.

Suku Sunda merupakan suku yang mendiami wilayah Priangan. Suku Sunda juga mengenal pantun yang biasa disebut paparikan. Hanya saja fungsi pantun di tatar Sunda tidak sekental seperti di Tanah Melayu. 

Berikut kami sajikan Pantun Sunda Lucu. Semoga dapat menghibur dan menjadi khazanah literature Anda. 

HITUT


Awak kuru meni begeng
Geus begeng tambah cembetut
Aya awewe ekeur nonggeng
Singhoreng ekeur ngaluarkeun hitut

Tutut lain sembarang tutut
Tutut dicandak ti Cirangkong
Hitut lain sambarang hitut
Hitut gede siga bangkong

Lamun tutut ti Cirangkong
Jung ditunda di kobong
Kajeun hitung siga bangkong
Nu penting beuteng molongpong

Kobong saha asa kajeun
Di Malangbong ibak-ibakan
Molongpong soten beuteng anjeun
Ari batur kalabakan

Aya kacang geus garing
Meulina di parapatan
Aih lain salah kuring
Naha hitut diiseupan. 

ecet-ecet oet-oet 
ngaronda ngalureuk belut 
kapelet kuring ka pelet 
ku randa nu gede hitut.

Didieu loba kanyere..
"Hanjakal parentil keneh..
"Didieu loba awewe..
"Hanjakal carentil kabeh

Ibu peri milih casan..
Ngan hanjakal teu dibeuli..
Itu istri geulis pisan..
Ngan hanjakal tara mandi

Tibatan mawa padang..
Mending ge mawa ragaji..
Tibatan ulin begadang..
Mending ge diajar ngaji

Aya tempe nuju dibacem..
Ngadamelna nepi ka lieur..
Abdi aya hate ka anjeun..
Naha anjeun bet ngabalieu

pergi ke lembang beli tinta..
tinta diberi ke mang mihun..
kalau memang sudah cinta..
tak bertemu sehari serasa setahun

Cikunten lamping cikunten..
Ka baros muteran parapatan..
Hapunten kuring hapunten..
Tina entos seueur kalepatan

Ka cikajang meuli pisitan..
Dina bantal aya tikukur..
Aya mojang geulis pisan..
Ngan hanjakal pamajikan batur

Si entong indit ka braga..
Henteu poho ngajak si angga..
Tong sirik kanu leuwih boga..
Tong ngahina kanu teu boga..

Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit
Anu geulis ngadeuketan
Hayangeun di bere duit

Ka subang tea basa burit..
"Geuning loba halangana..
"Mun urang teu boga duit..
"Geuning loba kahayangna..

Supa mayang saboboko,,
Saparo na dikaparakeun,,
Hayang mah tibareto,,
Ngan acan kalaksanakeun.

Ngabalangkeun ti pancuran,
Ngadon nyangsang kana galeng,
Ngabangbrangkeun pipikiran,
Hate angger tetep manteng.

Hayang teuing nyaba ka bandung,,
Sok hayang apal nanjakna,,
Hayang teuing nanya nu pundung,,
Sok hayang apal nyentakna

Lamun maneh boga keris..
Sok paehan lauk hiu..
Lamun maneh pinter basa inggris..
Sok naon artina love you

Rek leumpang meuli dawet,
dawet anu digulaan,
Asa hayang sangu liwet,
liwet anu dipedaan.

Nyepeng piring naha tibalik..
Saga nu doyong kahujanan..
Meungpeung kuring boga milik..
Saha nu hoyong dijajanan

Jarak oge jadi koneng
Ngan geutahna utal atel
Harak soteh ka si eneng
Bongana sok tual toel

Ti tarikolot ka cimanggu
Ti leuwiliang ka cibubur
Ari geus kolot tong loba lagu
Cing inget ka liang kubur

Lauk teri daun pecay
Lalab bonteng sayur lompong
Paingan siaki teh ngacay
Singhoreng huntu na ompong

Katapang sisi tampian
Dauna kana lahunan
Patepang dina impian
Jauhna jadi lamunan

Moe pare dina hateup
Anu garing rek dikarungan
Hese sare teubisa reup
Gulang guling ngan sorangan

AYA-AYA WE - Sisindiran

pingping cakcak pingping toke
papang hulu momotoran
geura pecak peuting engke
bisi kaburu kotoran

mang amin dahar tamusu
mang iit nginum na cangkir
mun kawin make nafsu
datang hansip mawa geugendir

caringin sisi astana
melak tomat sisi sawah
mun kawin make agama
datang rohmat jeung magfiroh

sok hayang ka kadipaten
meuli bandeng salawean
sok hayang jadi panganten
ngarah mineng ganti pakean

salawe dua lima
sate kodok dicolok-colok
awewe jaman ayeuna
make anderok papondok-pondok

Kaca piring dina kasur,,
Mawa manggu ngepel di tonggoh..
Hayang teuing jiga batur,,
Malem minggu apel ka kabogoh..

itu saha nu kalebak,
bajuna mani kuleuheu,
itu saha nu acan ibak,
bauna dugi kadieu

buaya na jero bak,,
hulu hurang diala'an,,
baraya geura aribak,,
hayu urang jalan-jalan

kamuning murag kalebak,
kalebak kana susukan,
hayang teuing murak martabak,
martabak nu disu'ukan.

Bangbara na daun hiris
Kulit munding di koranan
Sangsara uing tariris
Gulang guling ngan sorangan

Mencit meri dina rakitt .
boboko wadah bakatul ....
sanes nyri ku panyakit ...
kabogoh sien d tikah batur 

Kini kini kuang kaing,
di talian ku bagedor...
Nini nini kawin jng aing 
di cabak susuna kendor...

Mang kohar topina ungu,
Kasawah meuleum jarami,
Rek dahar euweuh sangu,
Kapaksa ninyuh sarimi..

Ngagoreng tempe ngangge lisah,
Ngaemamna bari maen catur,
Ieu hate teupuguh gelisah,
Sienengna sieun ku batur..

Kayu manis batrawali,
Kembang eros kembang kangkung,
Anu manis saha nyai,
Hayang naros tos ngalangkung.

Aya listrik di masigit
Caangna ka maleboh
Aya istri jangkung alit
Jadina weh bogoh

Salawe dua lima
Saleting rok ti malangbong
Awewe jaman ayeuna
Pingping borok ge ditembong-tembong

kica kica dina meja,
katembong kaca purina,
abi bogoh ka manehna,
katembong imut seurina.

ari lilin lilin bandung
geus hurung sok poek deui
ari ulin ulin bandung
geus embung sok hayang deui

di guha meuni barala
bumi kosong taya nu gaduhna
mika cinta ti baheula
mugi leres aya jodo na

hayang iuh make payung
kumaha mukakeun nana
hayang wawuh jeung nu pundung
kumaha nyukakeun nana

Meuli hayam jeung waliwis
Kalkulator dina luhur meja
Lamun hayang kanu geulis
Kudu boga motor ninja

Kamana jalan ka asia
Tuh kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Tuh kaditu ka pangaosan

Aya lilin warna koneng
Di jieun di singaparna
Hayang ulin ka si eneng
Tapi sieun ku bapakna


Baca Juga

Related Posts